MIELING POE BASA INDUNG INTERNASIONAL

Dina raraga mieling poe basa indung internasional nu dipieling saban tanggal 21 Februari, saluyu  panetepan UNESCO oge  Undang-Undang Nomor 24 tahun 2009 ngeunaan Bendera, Bahasa jeung Lambang Negara oge Lagu Kebangsaan. Dumasar kana  dasar hukum diluhur, SMK Negeri 1 Talaga dina tanggal 21 Februari 2019 ngayakeun sababaraha kagiatan nu diawalan ku Upacara kalayan langsung dijejeran tur di deudeul ku pupuhu ais pangampih di SMKN 1 Talaga.

Bapa Drs. H. Aan Hartawan, M.H. salaku pupuhu SMKN 1 Talaga ngabiantara yen salaku insan intelek tos sakedahna ngamumule basa tur budaya nu ngawengku kana kaarifan lokal, sahingga basa nu jadi ciciren budaya di hiji wewengkon kudu terus tumuwuh, malah mandar basa indung bisa ngaronjatkeun budaya bangsa, basa indung bisa ngaronjatkeun darajat bangsa, basa indung bisa  nanjeurkeun hasanah budaya nasional bahkan internasionaL. Pamungkas Bapa Kapala SMKN 1 Talaga ngaraos reueus ku kagiatan nu dipintonkeun ku para siswa nu patandang dina kagiatan ieu, mugia jadi alat pikeun ningkatkeun elmu pangaweruh pikeun sadaya siswa..

Nyambung nyarungsum Bapa Solehudin, S.Pd. salaku Wakasek Kesiswaan nu kapeto jadi Pamanggul dina aworna kagiatan, netelakeun yen kagiatan ieu baris terus lumangsung dina saban-saban tanggal 21 Februari, jeung bakal dieusi ku kagiatan nu sifatna ngadidik tur ngagemleng hasanah budaya pikeun siswa siswi di SMKN 1 Talaga.

Sawatara kagiatan nu dilaksanakeun diantarana :

  1. Dina Ngalaksanakeun pergaulan jeung silaturahmi boh formal sumawona non formal ku make basa indung (Basa Sunda)
  2. Dina poe eta sadaya Guru, Karyawan sareng siswa make pakean adat sunda
  3. Ngayakeun lomba biantara basa sunda, haleuang sunda, maca puisi sunda dipungkas ku kagiatan Fashion show (Busana Sunda).

 

 

 

 

Follow :

Recent News

Address:

JL. Sekolah, No No.20,
Talagakulon, Talaga, Kabupaten Majalengka, Jawa Barat 45463

Phone:

0233 319238
-->